Rochajat Harun
Bet asa era parada, pedah sok disebut-sebut cenah kuring turunan dalem Cikundul. Angot pun bapa mah jenatna mani keukeuh peuteukeuh kudu zarah ka makam Cikundul di Cianjur. Neuteuli pisan waktos pribados rek ngumbara ka Bogor kapungkur tahun 60-an. Malahan wanti-wanti, mun sim kuring panggih jeung karerepet, tenjrag we saurnah bumi tilu kali, bari sambat eyang Cikundul. Amanat sepuh kitu teh sakapeung mah sok murilit kana pikir. Naha bener kitu kuring teh teureuh menak Cikundul? Mun tea mah enya, atuh geus turunan kasabaraha. Bisa jadi geus jadi deungeun-deungeun meureun.
Ras emut ka pun aki ti gigir di Purwakarta, raina pun Nini di Bayongbong, eta ge sami sok reueus pisan kana tuturunan. Piwejangna sami sareng pun bapa. Cenah urang kudu bangga tapi ulah agul pedah turunan dalem Cikundul. Malahan pun aki Purwakarta mah, jenenganna ge sok ditambihan ku Kartadiredja. Identitas turunan menak dalem Cikundul. Oge jenengan pala putra putuna.
Mun pareng ngabandungan obrolan sepuh perkawis turunan teh, pun biang mah sok katingal mesem we. Malih sakapeung mah sok ngelingan. Saurna teh: ”Kade ah, ulah sok agul ku payung butut. Kiwari mah geus lain jamanna. Dina benerna ge, hidep mah kudu leuwih lantip. Jauhan sipat sombong jeung takabur, adigang adiguna pinter aing henteu batur. Malahan urang mah kudu bisa nyumput dinu caang. Alus jeung gorengna jelema mah teu bisa diukur ku kamenakan turunan timana. Tapi ku kalakuannana. Kateuteu ari miboga turunan menak ge, ari kalakuan bet toloheor, nyolowedor nyolong bade”.
Asa nanceb eta piwejang pun biang kapungkur. Langkung nyangkaruk dina ati sanubari. Hiji waktos kantos pribados tumaros perkawis luluhur karuhun mantenna. Margi aya wartos pajah pun biang teh masih teureuh menak Tarogong rerehan ti karajaan Timbanganten. Nanging sateuacanna ngawaler, anjeunna kalah ngeluk sapertos nuju samedi. Katingal sorot pameunteuna asa benten ti sasari, pikaserabeun.
“Sabenerna, mun hidep rek reueus mah ku turunan, ambu ge memang aya teureuh karajaan Timbanganten. Eyang-eyang hidep mah tuh di kampung Babakan jeung Pasawahan. Malahan di Cipanas ge aya. Najan tos parupus ge, tapi sesekelerna mah tangtu araya keneh. Coba teangan. Tapi sakali deui kade ulah dek agul pedah boga turunan menak Timbanganten jeung Cikundul. Poma ulah agul ku payung butut”. Kitu kasauran pun biang bari neuteup leleb ka sim kuring. Pribados teu wantun ningal sorot socana.
Aya deui dongeng sanes, ieu mah cariosan pun aki ramana pun biang. Mantenna mah dalah meleg-meleg asli turunan urang Yogya Jawa Tengah. Ieu ge sami sok resep ngaguar tuturunan. Malih aya seratan nu kalintang otentikna dina kitab ageung, disimpen dipusti-pusti. Diseratna ku aksara arab. Kapungkur waktos jumeneng keneh, mantenna sok remen ngempelkeun para wargi putra putuna, lajeng ngadadarkeun silsilah tuturunan sabari mukaan eta kitab kandel nu diserat ku aksara arab tea.
Atuh der deui we ngadadarkeun tuturunan, si eta turunan ti dieu, si ieu turunan diditu sareng sajabina. Tuh si Onong, kituna teh bari nunjuk ka sim kuring. Silaing teh euy!, masih aya turunan ti Pangeran Purbaya Mataram, kudu bangga. Angger pun aki mah mun nyalukan kuring teh sok si Onong bae. Pedah eta tarang kuring rada nongnong panginten.
Anjeunna mani neuteuli, rehna eyang sim kuring teh asal muasalna ti karajaan Mataram. Kasebatna gelar pangeran nu nyepeng mancen tugas salaku panglima perang ti Sultan Agung. Jenengan Eyang teh pangeran Manggar nu makamna di Cikao Purwakarta. Saurna, mantenna teh kantos mimpin pasukan maksad ngagempur Batavia. Palaputrana aya nu ngaprak ka wilayah Tarogongng sareng Limbangan Garut. Lajeng bubuara sinareng karagungan bojo urang Sunda. Ngadangu cariosan aki kitu teh, kuring tambah ngahuleng deui bae.
Tahun 60-an waktu kuring jeung mang Saleh Danasasmita almarhum gaul dina organisasi Putra Sunda, kungsi kuring kapeto dina pintonan gending karasmen kudu jadi patih Jombang Lanang ti karajaan Rumpin. Rengse pentas, mang Saleh ngarangkul kuring bari sasalaman. Na atuh ari pok teh: ”Alus Yat maen teh. Katempona mani pas pisan peran patih Jombang Lanang teh. Jigana ente mah aya keureutan menak nya. Asa beda tagog jeung goloyorna. Komo deui eta sora ente mani handaruan geueuman. Matak muringkak bulu punduk. Ha...ha.....!” Kuring ge ngilu seuri, seuri koneng bari rada beukah irung. Ngan dina hate bet asa aya nu nanya: ”Turunan menak? Menak ti mana horeng?”
Dina hiji waktu, kuring kungsi ka Ciamis nepungan sobat batur sapagawean. Kabeneran ibu ramana ki sobat nuju araya. Malahan ngiring ngawangkong sagala, tumaros ka pribados kawit ti mana sareng sajabina ngaler ngidul. Kuring ngajawab saceplasna we. ”Abdi mah kawit ti Garut namung ti kampung desa Pasawahan, ti pasisian. Kapungkur rorompok teh caket pasantren Al-Huda. Namung saatosna pun bapa sinareng pun biang ngantunkeun mah rorompok sepuh teh teras we diical, da kaleresan taya nu ngurus. Katambih-tambih abdi sinareng pun adi mah sadaya ngalumbara ka tempat tebih”.
Sabot pribados capetang ngawaler patarosan, si ibu teh kalah mencrong we mani seukeut neuteup sim kuring. Kawas-kawas leres ieu sepuh teh kagungan pamor menak. Ari pek teh anjeunna ngangken, saurnah mantenna masih keneh rerehan karajaan Galuh. ”Sanaos aden ngangken asal kampung ti pasisian ge, ibu mah tetep yakin, aden teh sanes jalmi samanea, pasti masih aya kocoran kadaton. Tiasa jadi teureuh menak Timbanganten nya. Sanaos dikuma kumaha ge atuh da benten den!, tagog sinareng goloyorna menak asli mah. Benten jeung pajabat kiwari nu gumenak memenakan”.
Ih na bet geus torojol deui bae eta cariosan teureuh menak teh. Kuring jadi bosen ngadengena. Na turunan menak ti mana atuh kuring teh? Ras emut deui ka cariosan pun biang suwargi, nu peupeujeuh: ”Ulah agul ku payung butut, asa aing uyah kidul. Komo bari ditambahan ku sifat sombong takabur adigang adiguna mah, pinter aing henteu batur”.
”Omat singkahan adat goreng kitu teh. Ayeuna mah geus beda jaman. Memang bener, baheula mah nu disebut menak teh mani jadi kabanggaan. Cenah dibelaan kudu meuli sagala di jaman Walanda mah, ari hayang disebut atawa miboga gelar menak atawa raden teh. Tapi, da ari menak asli mah teu kitu. Sakali deui kade hidep sing inget, ulah agul ku payung butut. Sok komo deui hideup mah lulusan sakola luhur, miboga pangkat jeung kadudukan lumayan. Eta mah kabeh ge ukur titipan Allah SWT”.
Ras deui sim kuring emut kana kasauran guru ngaos kapungkur tahun 70-an, ajengan Siroz ti pasantren Al-Huda, nu kantos masihan wejangan: ”Pikeun nangtoskeun hade awonna jalmi mah teu tiasa diukur ku kamenakan, kabeungharan, kapangkatan atanapi turunan. Tapi ku ukuran iman jeung kataqwaannana ka Allah SWT. Sadaya insan mah sami pada-pada turunan Nabi Adam. Sanaos leres, salira teh masih teureuh menak, eta mah sidem we, hilapkeun!. Margi pengkolan tos kaliwatan, teundeun di handeuleum sieum. Kiwari mah lain jamanna ngagul-ngagulkeun tuturunan. Dipayuneun Gusti Allah mah sadayana ge sami, pada-pada insan mahluk Allah SW. Mantenna nu maha uninga, nu ngatur kana sagala perkara”.
Bet asa ngangres campur kagagas ku eta kasauran ajengan miwah pun biang. Saeutik, namung matri na jero ati. Teu karaos cimata milu marengan. Eumh Gusti, alhamdulillah. Mugia Gusti masihan pituduh sinareng jalan nu sae pikeun diri pribados nu tangtos seueur lepat jeung kakirang. Sawios teu janten menak ge, asal aya dina karidhoan sinareng panangtayungan Allah Nu Maha Agung. Amin !
Tarogong, akhir Romadhon 1429 H.
Rochajat Harun
(LEGENDARIS KABUPATEN GARUT) Seueur nu nganggap yen carios Ratu Inten Dewata teh mung saukur dongengan legenda wungkul, margi taya buktos nu pasti atanapi data empiris nu leres-leres tiasa dipercanten. Sanaos kitu, carios Ratu Inten Dewata masih tetep ngarupikeun dongeng karuhun nu masih dipercanten ayana, utamina ku masyarakat Tarogong Garut. Dongeng sasakala karuhunna karajaan Timbanganten.
Tahun 50-han pribados kantos ngahaja ngadongkapan ka sababaraha situs nu dianggap patilasan karajaan Timbanganten. Diantawisna lokasi Korobokan, Cipanas, sareng Gunung Putri. Hanjakalna, maksad ngajugjug ka puncak gunung Guntur mah teu kalaksanakeun, jalaran kaayaan kaamanan waktos harita pikarisieun, ku mahabuna gorombolan.
Waktos ngajugjug ka lokasi Korobokan teu tebih ti kacamatan Tarogong kiwari, tahun 50-an mah masih keneh aya seueur gundukan batu. Katingal pabalatakna gundukan babatuan, sapertos patilasan bangunan lami. Sabudeureunnana seueur kakaian sarupaning tatangkalan arageung, pacampur jeung eurih. Oge aya sababarah kuburan lami nu teu kapiara, pating solengkrah. Eta lokasi teh aya dina pasir luhur bukit alit. Leumpang ka punclutna teh asa cape da nanjak.
Cenah di eta lokasi teh aya dugaan patilasan karajaan Timbanganten. Nanging upami urang kadinya waktos ayeuna tahun 2008 mah, eta situs teh tos moal katingal deui. Nu aya mah seueur bangunan enggal diantawisan bangunan sakola sareng bumi-bumi mani pasedek-sedek. Teu kapendak deui gundukan-gundukan batu nu kapungkur kungsi diduga patilasan karajaan Timbanganten.
Di puncak gunung Putri, mun urang nyawang ka palih wetan sareng kidul, plung plong pikawaaseun. Palih wetan, dihandap teu tebih, katingal atra pamandian Cipanas, rada tebihan wetaneunana muncunguk kacamatan Tarogong. Palih kidul rada tebih, nanging eces katingal bumi-bumi, bangunan, sareng masjid Agung Garut. Pantes, sareng kasawang ieu tempat teh taya sanes dalah situs patilasan kanjeng Ratu Inten Dewata nu kantos ngababakan di ieu tempat.
Karajaan Timbanganten teh sakawitna puseur dayeuhna teh di Korobokan, lajeng ngalih ka Tarogong saparantosna gunung Guntur bitu. Karajaan Timbanganten kalebet nagara madeg mandiri, hartina teu kaereh/kajajah ku nagara deungeun. Tanahna subur makmur gemah ripah lohjinawi, murah sandang murah pangan, rea ketan rea keton. Sepi paling towong rampog teh lain ukur ngan babasan. Rajana katelah Rangga Lawe, hiji raja nu adil palamarta, gede wibawa tur dipikacinta ku rahayatna.
Saleresna nu kedah nyekel kadali pamarentahan teh sanes Rangga Lawe, nanging rakana nu kasebat Ratna Inten Dewata. Hiji istri geulis camperenik, salirana jangkung alit, kulitna koneng. Rambutna hideung meles galing muntang bawana ngajadi. Tapi anjeunna teu hoyongeun nyepeng karajaan, kalah dipasrahkeun ka raina Rangga Lawe, hiji jajaka nu dedeg sampe rupa hade rancingeus, pertentang tur parigel.
Seuk sakaol, sateucanna Rangga Lawe jeneng raja, nu nyepeng karajaan Timbanganten teh ramana suargi nu jenengan Rangga Raksa Nagara. Ti parameswari Dewi Gandani anjeunna kagungan dua putra. Nu cikal jenengannana Ratna Inten Dewata, ari raina mah Rangga Lawe.
Sawaktos raja sepuh bade ngantunkeun alias tilar dunya, kantos mantenna masihan bewara dina hiji riungan rehna mantenna bade masrahkeun karajaan Timbanganten ka putrana nu cikal nyeta Ratu Inten Dewata, margi kitu aturan buhun karuhunna. Nanging kalayan lantip, Putri Inten Dewata ngawaler:
“Abdi parantos kedal ucap, seja ngalaksanakeun kereteg hate, upami diparengkeun abdi panjang umur, Ama sareng Ibu parantos teu aya, abdi hoyong nyirnakeun pikir, ngahenang-ngahening nyorangan ngababakan. Cindekna teu hoyong kadali pamarentahan. Kukituna, sanes nampik pangasih Ama, bawiraos sae pasihkeun bae ieu karajaan teh ka pun adi Rangga Lawe. Kalintang pantesna upami pun adi jadi raja, hiji jajaka pertentang, gede wawanen, perceka dina sagala rupa hal. Tah, ku kituna ka rayi Lawe, prak geura tampa amanat jeung kaasih ti Ama jeung ti lanceuk. Geura cekel ieu karajaan Timbanganten”.
Heuleut sababaraha waktos, lajeng Ratu Inten Dewata angkat ka gunung Kutu nu kiwari disebat gunung Guntur, disarengan ku Ki Rambut Putih, nu bumela ngaping ngajaring sang putri. Mangtaun-taun marantenna ngababakan di hiji tempat nu katelah Babakan Putri. Tempat nu kalintang pikabetaheun. Hawana seger. Komo mun pareng kekembangan nyambuang sarareungit. Manuk-manuk recet disarada. Ngerelekna sora pancuran nu ngocor kana empang matak betah tumaninah.
Hiji mangsa karajaan Timbanganten mayunan cocobi nu kalintang ageungna. Nyeta halodo panjang, dugi ka masyarakat karajaan Timbanganten tigerat kakirangan cai. Aya usulan ti para gegeden karajaan supados ngadamel bendungan cai, sumber caina nyandak atanapi ngabedol babakan Putri nu waktos harita ngarupikeun padepokan Ratu Inten Dewata.
Kalayan teu ngemutkeun kumaha mamanahan sareng pamadegan ingkang raka, Rangga Lawe nyaluyuan pikeun ngabongkar babakan Putri, nu caina engke baris dikocorkeun ka bendungan karajaan Timbanganten. Tempat anu dipikabetah ku Ratna Inten Dewata teh lajeng dibukbak, teras didamel tambak, teu tata pasini heula kanu kagunganana.
Ratna Inten Dewata kalintang benduna. Dadak dumadak langit angkeub nutup buana Timbanganten jeung sabuderna. Kawitna mah rahayat Timbanganten suka bungah. Angot Rangga Lawe mah, dikintenna hujan bakal turun, katurug turug tambak cai tos bade rengse.
Tapi kasuka jeung kabungah harita keneh sirna, sabab ngadak-ngadak taneuh oyag. Gunung Guntur bangun nu ngaguruh. Lini gede mimiti karasa. Taneuh inggeung. Gelap pating burinyay. Bumi genjlong asa digunjang ganjing. Gunung Guntur ngabudalkeun batu pating saliwer. Langit asa tungkeb. Pating jelegurna sora gelap dina ponclot gunung Guntur beuki motah. Tatangkalan pating dorokdok raruntuh, pareunggas katebak angin tarik naker.
Geus kitu mah kakara rahayat Timbanganten ngarasa gimir. Bur-ber ka ditu kadieu. Pating jarerit, pating koceak. Rangga Lawe kakara sadar, yen eta kajadian kitu teh mangrupa bebendon ti dewa, dumeh geus wangkelang bedegong ka nu jadi lanceuk. Cul anak pamajikan, Rangga Lawe seja milarian Ratna Inten Dewata, rek mundut dihapunten. Mantenna moal sugema, upama teu amprok heula jeung nu jadi lanceuk.
Kersaning Hyang Widi, Rangga Lawe tepang jeung Ratna Inten Dewata. Kudupruk bae anjeunna nyuuh kana dampal sampean Ratna Inten Dewata, sabari nyarios dumareuda: ”Duh, Mbok, hapunten jisim kuring rumaos lepat. Ieu teh bebendon Hyang Widi ka jisim kuring, nu bedang wangkelang ka salira Mbok”.
Satutasna Ratna Inten Dewata ngahampura kana kalepatan Rangga Lawe, ngadak-ngadak lini teh eureun. Gunung Guntur teu ngutahkeun deui leutak panas. Batu gede, batu leutik geus taya nu pating belewer deui. Langit ngadak-ngadak lenglang, angin leler. Ciri Dewata nyakseni kana kabersihan hate Ratna Inten Dewata.
Ceuk sakaol, Ratna Inten Dewata sareng Ki Rambut Putih lajeng arangkat ka palih wetan nu dituju nyeta gunung Talagabodas ayeuna, duanana maksad neraskeun ngasakeun tatapana. Sarta didinya pisan marantenna tarilem.
Ari Rangga Lawe mah, angkat ka hiji tempat nu seueur kokocoran cai. Rangga Lawe nya ngababakan deui. Lila-lila eta babakan teh beuki rame batan Korobokan kapungkur. Nepi ka kiwari babakan enggal teh katelah Tarogong. Korobokan nu kapungkur kantos janten pusat dayeuh Timbanganten, janten leuweung da teu dipirosea deui.Tapi ari ngaranna mah masih keneh tug nepi ka ayeuna.
Mitutur catur kapungkur, Rangga Lawe nu dijenengkeun raja deui ku rahayat Tarogong, sabada bumen-bumen di dinya, tilem teu ngantunkeun tapak. Cipanas ayeuna jadi pamungpungan ti mana mendi, mangrupa wewengkon pariwisata. Boh keur sukan-sukan, atawa ngadon tatamba pangpangna caina matih pikeun nu katarajang kasakit kulit. Nya kitu deui Tarogong ayeuna leuwih rame batan kampung Korobokan. Padahal samemehna mah Korobokan teh puseur dayeuh karajaan Timbanganten. Tapi ayeuna mah ukur ngaran kampung. Tarogong mah beuki lila beuki rame. Garut katelah jadi Kota Inten.
Garut, akhir September 2008.
(6/9/08) Persis 60 hari lagi menuju Ode Kampung #3: Temu Komunitas Literasi se-Indonesia. Rumah Dunia (Banten) sebagai penggagas kegiatan ini terus melakukan persiapan; diskusi dengan beberapa kawan, merancang pelbagai kegiatan, ada juga yang sudah mulai bertindak membantu kegiatan ini. Salah satunya adalah Halim HD. Ia mendonasikan 50 buku untuk kami jual. Seluruh keuntungannya diproyeksikan untuk pertemuan akbar ini. Halim HD adalah salah seorang seniman yang giat membantu Rumah Dunia. Kendati kami jarang bersua, namun perhatiannya kepada Rumah Dunia cukup membantu. Dengan sarannya yang inovatif, kami jadi terus semangat.
Salah satu kegiatan Ode Kampung #3 adalah mengumpulkan buku dari siapa saja, oleh siapa saja, Untuk Indonesia atau kita sebut saja SEGUNUNG BUKU UNTUK ANAK CUCU. Kami tahu persis, salah satu kendala para relawan Taman Bacaan/ komunitas literasi adalah begitu sulitnya untuk mendapatkan buku-buku berkualitas. Kiswanti, penggagas TBM Warabal di Parung-Bogor, sedikit demi sedikit menyisihkan uang dari hasil jualan dan honor suaminya yang bekerja sebagai kuli bangunan. Dengan cara itulah dia mengumpulkan buku. Begitu juga dengan alm. Simbah Dauzan Farook. Gaji pensiunan sebagai pejuang dia habiskan untuk mengelola Komunitas Mabulir di Jogjakarta. Dua relawan literasi ini memakai cara yang sama yaitu mengajak orang membaca dengan menjemput bola. Mereka merelakan waktunya untuk mengayuh sepeda dari tempat satu ke tempat yang lain dengan satu harapan; agar masyarakat di sekelilingnya mau membaca. Di Banten, hal ini diadaptasi oleh Fitri. Setiap menuju ke tempat kerja, dia memakai sepeda untuk mengajak anak-anak rajin membaca. Koleksi bukunya yang tak terlampau banyak dikeluarkan dari rak rumahnya.
Di sisi lain, saya melihat fenomena yang berbeda. Di rumah-rumah mewah, buku-buku nyaris beku di ruang tamu. Buku-buku hanya dijadikan sebagai pajangan. Tak berdebu memang, tapi apa gunanya jika hanya menjadi hiasan ruang tamu? Tak sayangkah jika buku itu menjadi tak berguna? Di gudang-gudang penerbitan, buku-buku yang sudah tak terjual sengaja disimpan untuk Book Fair. Dengan harga murah, buku itu dijual. Mengapa tidak disuplay buat Taman Bacaan yang jumlahnya sudah ribuan di Indonesia? Di dalam tulisan ini kami mengetuk pintu-pintu Anda yang tertutup agar memfungsikan kembali hakikat buku sebagai media untuk memperluas cakrawala.
Pemerintah, di dalam setiap kesempatan sering mengatakan bahwa budaya baca bangsa Indonesia sangat rendah. Simpulan macam apa itu? Bagaimana mungkin mengatakan bahwa bangsa kita tidak melek buku sementara buku-buku begitu sulit diakses? Paling banter, buku-buku hanya berhenti di perpustakaan kota/ propinsi. Bagaimana dengan orang-orang kampung? Buku menjadi barang mewah. Orang-orang kampung tak sanggup menjamahnya dengan harga yang begitu mahal. Padahal kertas-kertas itu diolah dari kayu-kayu yang berada di kampung. Kami jadi tak habis mengerti, mengapa industri perbukuan menjadi begitu pongah, melupakan orang-orang kampung?
Mimpi kami, ketika Ode Kampung #3 dilaksanakan pada awal november 2008, ada banyak relawan literasi dari pelbagai pelosok yang datang. Nah, salah satu hal yang bisa kita lakukan adalah memberikan suport berupa buku karena tak semua orang mau berpeluh untuk menjadi relawan bukan?
Bagi para politisi, janganlah Anda terlalu gagah di televisi membincangkan persoalan masyarakat. Jangan Anda terus menjual masyarakat dengan mengatakan mereka bodoh dan lain sebagainya. Berikanlah segunung buku, agar semua bisa mengakses informasi seluasnya.
Bagi para penerbit, jangan terlampau sering membincangkan keuntungan. Sisakanlah buku untuk orang-orang yang tak bisa membeli.
Bagi para pemegang kebijakan, hapuskanlah pajak untuk buku supaya buku menjadi murah!
Bagi para pengusaha, corporate social responsibility janganlah hanya dijadikan sebagai lipstik untuk mencitrakan produk Anda. Berbuatlah dengan ikhlas tanpa ada buntut promosi.
Pada acara Ode Kampung #3, kami membuka tangan seluasnya untuk Anda yang ingin berpartisipasi. Silahkan mendonasikan buku anda ke alamat: RUMAH DUNIA, KOMPLEK HEGAR ALAM NO 40 KODE POS 42118 SERANG-BANTEN. Apalagi sekarang adalah bulan suci Ramadhan. Bagi orang yang percaya dengan Imbalan dari Allah, bulan inilah waktunya untuk berbagi. Mari kita berbagi untuk Indonesia masa kini dan akan datang. SEGUNUNG BUKU UNTUK ANAK CUCU.
Yayat Hendayana (62) terduduk pasrah di kursi pesakitan sambil memegang sebuah buku karangannya. Ia diseret ke ruang pengadilan yang tak lazim. Kursi hakim, jaksa, dan pembela berwarna merah. Sedangkan meja-mejanya berbalut hitam. Di pintu masuk, tertulis ”Rohangan Pengadilan Puisi”.
Para hakim, jaksa, dan pembela tidak mengenakan jubah kebesaran warna hitam dan berdasi putih. Tetapi, mereka berbusana sekenanya. Ada yang berkemeja bahkan boleh mengenakan kaus, celana jins, dan kepala dibungkus syal.Inilah cara budayawan dan sastrawan Tatar Sunda, Jawa Barat, membuat ”pengadilan tandingan”. Mereka menciptakan format teatrikal dengan menjadikan acara bedah buku sastra dalam setting pengadilan, di panggung Gedung Kesenian Rumentang Siang, Jalan Baranang Siang, Bandung, Jumat pekan lalu.
Sidang berlangsung pada pukul 13.00-17.00 WIB, dipimpin dua pelakon hakim, yaitu Teddy AN Muhtadin dan Dipha Galuh Purba. Menggunakan bahasa Sunda, situasinya berlangsung kocak tapi serius. Tak ubahnya sebuah pertunjukan teater, pencahaan ruangan dibuat remang-remang.
Dakwaan Duduk sebagai jaksa adalah sastrawan HM Usep Romli. Dengan mata yang menyorot tajam dan kata-kata pedas, ia menyebut Yayat sebagai penyair satu-satunya yang diajukan ke pengadilan. Sidang ini dikatakannya terjadi setelah puluhan tahun kasusnya ”dipetieskan”.
”Yayat dijagragkeun ka pangadilan tina kasus ngarang sajak. Dina waktu 30 taun, kakara medal deui buku (Yayat diseret ke pengadilan karena kasus mengarang puisi, dalam waktu 30 tahun baru menerbitkan lagi buku),” ungkap Usep, yang juga dikenal sebagai wartawan senior dan pengasuh sebuah pondok pesantren di Garut.Buku kumpulan puisi yang disoal adalah berjudul Sasambat, yang merupakan buku ketiga karya Yayat. Buku pertamanya adalah Katiga (1975), disusul buku kedua Doa Angkatan Kami (puisi berbahasa Indonesia tahun 2005).
Jaksa Cecep Burdansyah, menambahkan bahwa Yayat tidak pantas disebut sebagai penyair. Sebab, karya yang dihasilkannya baru terhimpun hanya dalam tiga buku. Selain itu, puisi karya Yayat dinilai tidak memberikan makna baru. Terasa kering, dan diksinya lemah. ”Tak ada ruang penafsiran lain, juga tidak membawa perubahan dan tidak ada manfaatnya terhadap perkembangan puisi Sunda,” bunyi dakwaan Cecep, yang juga kritikus sastra.
Pembelaan Pembela terdakwa, budayawan Saini KM dan Hawe Setiawan, angkat bicara. Seni, menurut mereka, tidak bisa diharapkan untuk merubah zaman atau pun suatu ideologi. ”Seni akan kehilangan otonominya kalau dibebani dengan maksud tertentu. Sehingga, apa pun dan bagaimana pun, gaya penyair dalam menuliskan karyanya bukan merupakan sebuah masalah,” katanya.
Suasana sidang kian memanas dengan munculnya argumen-argumen pakar yang disertai terori sastra Sunda. Saksi ahli, Cece Hidayat Padmanagara dan Darpan Winangun, misalnya, menilai, sajak-sajak Yayat tidak terikat oleh pakem-pakem tertentu. Disampaikan seperti narasi sehingga mudah untuk dibaca dan dipahami maknanya.
Ambil contoh, pada puisi berjudul Ti Kota Ka Kota (Dari Kota ke Kota). Yayat menulisnya begini: Nyiar naon urang ti kota/lamun lain pangalaman, Beubeunangan naon urang tina pangalaman/mun lain kapanasaran, Beuki lega ambahan/beuki leutik tangtungan (apa yang kita cari dari kota/kalau bukan pengalaman, mendapat apa kita dari pengalaman/kalau bukan rasa penasaran, makin luas jelajah/makin kecil ruang berdiri).
Tanpa vonis Kedua hakim yang memimpin persidangan mengaku bingung. Maka, lebih memilih sikap hanya menampung semua pendapat. Tidak menggunakan wewenangnya untuk menjatuhkan vonis salah atau benar bagi terdakwa. Antara daakwaan jaksa, saksi yang memberatkan dan meringankan, memiliki argumentasi yang logis.
”Oleh karena itu, hakim menyerahkan keputusan pada masyarakat pecinta sastra yang akan membaca karya Yayat itu untuk memberikan penilaian sendiri,” katanya. Yayat yang tidak bicara sepanjang persidangan, pun akhirnya merasa lega. Bebas, euy!
Sang Terdakwa
Yayat Hendayana, lahir di Bandung, 7 Juni 1943. Selain seorang deklamator, juga aktor dan wartawan senior. Lulusan Fakultas Sastra Universitas Padjadjaran (Unpad) dan memperoleh bea-siswa dari Unesco untuk melanjutkan pendidikan di Internasional Institute For Jurnalism (IIJ) di Berlin, Jerman, Pada 1984-1989, Yayat menjabat Ketua PWI Cabang Jabar. Lalu duduk sebagai anggota DPRD Kota Bandung (1989-1987). Pada 2003, dipercaya menjadi manejer Gedung Kesenian Rumantang Siang yang bearlamat di Jalan Baranang Siang No I, Kota Bandung, dan Sekretaris Kalang Budaya Jawa Barat.
Yayat menulis karyanya dalam dua bahasa, yaitu Sunda dan Indonesia. Salah satu, Katiga (1975), memperoleh penghargaan sastra dari Lembaga Basa Jeung Sastra Sunda pada 1988. Dalam ‘persidangan’, beberapa tokoh sastra memberikan kesaksian mengenai atas karya Yayat. Ada yang memberatkan dan meringankan.
Saksi ahli Arya Winangun menilai Yayat sebagai penyair yang ”lahir telat” pada zamannya. Sebab, dalam buku kumpulan sajak Sasambat itu, banyak yang menceritakan zaman dulu. Misalnya, dalam puisi Catetan 1968 atau Pesta Agustus 1970. ”Sekarang kan zamannya sudah berbeda, jadi seharusnya lebih tepat puisi itu diterbitkan dahulu kala,” ujar Arya.
Sedangkan saksi Budi, mempermasalahkan bahwa setiap karya harus bermanfaat untuk masyarakat. Misalnya, bisa diajarkan di sekolah-sekolah. ”Saya dari kampung. Setahu saya, saat ini yang diketahui oleh siswa di sekolah cuma beberapa puisi Sunda seperrti Leuweng Geledegan (Hutan Rimba). Puisi Yayat belum pernah dibacakan,” kata Budi. Selama sidang atau bedah buku berlangsung, meskipun bayak kritikan pedas, Yayat terlihat santai. Bahkan, sempat meminta izin kepada ”majelis hakim” untuk ke toilet.
Keluar dari peturasan, Yayat tidak kembali duduk di kursi pesa-kitan. Ia memilih berada di tengah penonton yang berjumlah lebih dari 50 orang. Hakim pun berteriak-teriak memanggil ”terdakwa” dan semua penonton tertawa.
Sumber : Republika, 19 September 2005( kie )
“KABUYUTAN”: NILAI POKOK BUDAYA UNTUK PENGELOLAAN LINGKUNGAN DALAM PEMBANGUNAN KEBUDAYAAN (I)
Rochajat Harun
URANG KAMPUNG BAU LISUNG
Terjadi Pergeseran Persepsi
Tahun 50-an sewaktu saya masih belajar di SR (Sekolah Rakyat), seringkali terdengar cemoohan orang terutama dari orang-orang kota terhadap masyarakat pedesaan dengan sebutan yang merendahkan, seperti orang desa itu kampungan, masyarakat bau lisung, budug, kuuleun, belegug, barodo, masyarakat bau taneuh dan banyak-banyak lagi. Saya merasa ucapan demikian itu cukup menyedihkan dan menyinggung perasaan. Apalagi saya sendiri adalah anak pedesaan, yang lahir dan dibesarkan di padesaan kampung Pasawahan Tarogong, pinggiran kota Garut, di tutugan gunung Guntur.
Predikat kampungan sebagai sebutan bagi masyarakat bawah (grass root) tersebut, mungkin karena pengaruh budaya kolonial Belanda, atau jaman feodal, yang menganggap masyarakat desa itu adalah masyarakat miskin baik ilmu pengetahuan maupun hartanya. Sehingga dibedakan dengan masyarakat kota yang serba kecukupan dan elit serta berpendidikan (educated society). Punya sebutan kelas menak.
Sampai sekarang pun, terutama di desa-desa terpencil yang jauh dari perkotaan, persepsi dan kesan sebutan tersebut masih ada walaupun tidak sebanyak dulu. Akibatnya menjadikan orang-orang desa merasa rendah diri (minderwardig), carang takol, sumuhun dawuh, kumaha juragan wae. Implikasinya, serapan teknologi baru terhadap masyarakat pedesaan masih dibilang lamban.
Sejak 5 tahun terakhir, persepsi kampungan itu sudah banyak mengalami perubahan. Malahan istilah ”kampung” atau pilemburan itu seringkali digunakan untuk hal-hal tertentu dalam rangka promosi kegiatan, atau produk-produk tertentu termasuk produk wisata dan kuliner. Sehingga akhir-akhir ini istilah kampung banyak digunakan oleh masyarakat kota dan elit, dan menjadi kebanggaan mereka.
Sebagai contoh ada beberapa rumah makan di Bandung yang sengaja menyajikan makanan khas kegemaran orang kampung, seperti angeun tutut, urab genjer, pais lauk, pais peda, karedok leunca, lalab sambel, semur jengkol dan sebagainya. Demikian pula berbagai jenis minuman dan makanan ringan seperti bandrek, bajigur, kulub suuk, seupan cau, gurandil, awug, ongol-ongol, surabi, dan apem. Itu semua ternyata bayak digemari orang kota, juga para turis asing.
Beberapa waktu lalu saya bersama beberapa teman, olah raga naik gunung di daerah Punclut tempat olahraga dan rekreasi jalan kaki. Naik dari Ciumbuleuit, mendaki kearah utara. Walaupun melelahkan namun cukup menyenangkan. Dipinggiran jalan perdesaan yang tidak beraspal tersebut, banyak dijual berbagai makanan khas kampung semacam yang telah disebutkan tadi. Ternyata laku juga dan digemari oleh masyarakat kota dari golongan elit. Malahan ada juga beberapa turis asing yang hadir. Mereka duduk sila tutug, diatas amparan samak.
Beberapa waktu yang lalu, saya pernah diundang makan disuatu restoran mewah yang terkenal di kota Bandung. Karena undangan ini datang dari seorang pejabat teras dari suatu instansi, ya saya datang juga. Yang menarik perhatian dari acara makan malam tersebut, adalah jenis sajian makanannya. Ternyata banyak makanan khas makanan kampung, seperti pais peda, urab genjer, karedok leunca, kere belut, ayam kampung goreng dan sebagainya. Minuman penutupnya ternyata bajigur , kulub cau dan gurandil.
Kiranya sekarang ini istilah ”kampung” sudah bukan lagi merupakan predikat rendahan. Dengan kata lain persepsi terhadap sebutan ini sudah banyak bergeser kearah positif. Buktinya, kata kampung kini banyak di gunakan untuk nama restoran / rumah makan, maupun penginapan / hotel.
Di Garut misalnya, ada tempat penginapan dan rekreasi yang terkenal ”Kampung Sampireun” di daerah Samarang. Untuk nginap disana harus pesan dulu. Tarif nya cukup mahal, pakai dolar lagi. Ternyata tempat ini banyak digemari para turis asing maupun domestik.
Antara Leles dan Tarogong Garut, tepatnya di kampung Warungpeuteuy, ada sebuah rumah makan besar Layung Sari. Tulisan reklamenya cukup besar dan mencolok terpasang di pinggiran jalan besar: ”Menyediakan berbagai makanan khas kampung”.
Didaerah Banjaran Bandung, ada sebuah restoran Kampung Sawah. Ternyata disediakan berbagai makanan khas kampung. Setiap Saptu dan Minggu ternyata banyak pengunjung yang datang kesana, terutama dari luar kota dan Jakarta.
Di kota Bandung terdapat beberapa rumah makan yang menyajikan makanan khas kampung, antara lain rumah makan Warung Kampung, Lembur Kuring, Bumbu Desa, Bancakan, Ampera dan sebagainya. Ternyata para pengunjungnya cukup banyak. Apalagi pada malam saptu dan minggu. Pasti penuh.
Dengan demikian, bagi para insan yang berasal dari kampung, kini tak usah lagi merasa rendah diri. Malahan haruslah bangga karena persepsi terhadap predikat kampung kini sudah mengalami pergeseran kearah positif. Bahkan barang dagangan yang berasal dari kampung banyak digemari, sekalipun mahal. Misalnya ayam kampung banyak diminati dibanding ayam broiler. Demikian pula makanan khas seperti wajit Cililin dari kabupaten Bandung, angleng renyah buatan mang Uun dari kampung Nagrak Tarogong Garut. Opak Oded dari kabupaten Sumedang. Peuyeum (tape) ketan dari kabupaten Kuningan, dan masih banyak lagi makanan khas kamonesan orang kampung ternyata kini banyak disukai masyarakat kota.
Rumah-rumah adat kampung ternyata telah banyak juga dijadikan ikon pariwisata. Hal ini banyak dipromosikan oleh hampir seluruh kabupaten dan kota di Jawa Barat, pada event ”Jawa Barat Travel Exchange Fever 2008” yang diselenggarakan oleh Disbudpar Jabar di Braga City Walk tanggal 4-7 Juni 2008. Hampir setiap kabupaten mengeksposkan objek-objek wisatanya yang bernuansa kampung. Termasuk sajian kesenian tradisionalnya seperti, calung, reog, tagoni dan sebagainya.
Saya teringat kepada nasihat aki (kakek) saya 40 tahun yang lalu yang menasehati tentang cari jodoh: ”Mun bisa mah jang, neangan pipamajikaneun teh ulah urang kota. Mendingan urang kampung. Sok sanajan loba kasebutna urang kampung bau lisung. Salah anggapan kitu teh. Saenyana mah awewe asal kampung mah tara loba pamenta, tara pupulasan merkela kawas urang kota. Kuat nahan gogoda. Kuat nyekel agama jeung drigama. Manut jeung taat ka salaki. Malahan etanana ge, leuwih cepel jang. Ha...ha...ha.” Kini saya baru ngerti dan sadar akan makna nasehat almarhum aki tersebut.
______________________________
Manusa lamun nafakuran saha dirina pasti sadar sabab manusa teh ngan ukur molekul bubuk, sabab manusa ukur mikrokosmos(jagat leutik nu nginduk ka makrokosmos, jagat badad). Geura urang titenan dumasar kana gambaran skema alam jagat raya. Nurutkeun elmu astronomi nu geus kaungkabku manusa( hartina rea keneh nu can kaungkab).ieu alam nyusun dina puluhan gugusan gugusan nu luar biasa badagna(adigugus).Upamana bae adigugus Virgo,Hydra,Perseus,Opiuchus,Hercules,jsb.Urang aya dina adi gugus Virgo nu diameterna 100 juta taun cahaya. Ari sataun cahaya kira kira 10 triliun km. Unggal adigugus di wangun ku ratusan gugus sedeng (cluster), saperti Gugus Lokal, Centaurus,Formax, jsb. Urang aya dina gugus Lokal nu diameterna 3 juta taun cahaya. Gugus Lokal di wangun ku Galaxsi-galaxsi, saperti Bimasakti(Milky Way), Andromeda, Mega Magellan,Trianggulun,Sagitarius, Jsb. Urang aya dina Galaxsi Bimasakti nu diameterna 120 rebu taun cahaya. Galaxsi Bimasakti diwangun ku 100 milyar bentang, sasiki tina 100 milyar bentang teh nyaeta Panon poe, nu anggangna 28 rebu taun cahaya ti puseur Galaxsi,. Panonpoe disebut puseur tata surya nu di tuturkeun ku 8 Planet gede, 3 Planet leutik, 156 bulan, jeung rebuan Asteroid,. Bumi mangrupa Planet gede nu di iluan ku hiji bulan. Anggangna 150 rebu juta km atawa 8 menit cahaya ti Panonpoe,. Bumi ngurilingan Panonpoe gancangna 30 km perdetik, sakali ngurilingmemerlukeun waktu 365,25 poe atawa sataun. Pangeusi bumi kiwari kl 6 milyarmanusa. bayangkeun . Hiji manusa dijero bumi , ukur 1/6.000.000.000 (sepergenep milyar) Persabaraha triliuneun mun di ukurkeun kana mahkluk mahkluk pangeusi sakuliah jagat raya. Leutik, liwat ti leutik kacida. Nu matak mun nyimpang tina sunatullah nu ngatur puteran adigugus ,gugus, galaxsi, planet nu sakituh rapih tur khusuna ngajalankeun parentah Allah sangkan muter dina sumbuna nu merenah , rek kumaha? Manusa nu ngajago , ujub, takabur, asa aing pang jagona, hakekatna ngan ukursakeprul molekul bubuk, nu sakapeung ajag dina jalan lempeng, sakapeung (malah mimindengna)mangprung ngaberung sakaba kaba. Rek mana, rek kumaha?. Amal sholeh sagede kumahanu di perlukeun pikeun "nebus " sawarga Alloh nu gedena nandingan langit jeung bumi? Ampunan naon nu di perlukeunpikeun bebas nu tina dosa nu baris mawa ka naraka nu legana nandingan langit jeung bumi? Robbana ma kholaqta hadza batila, Subhanaka! Faqina adzabannar (Q.S.Ali Imron:191). ***
Post : Maman Wahyu
KOMISI Pemilihan Umum Daerah (KPUD) Kabupaten Kuningan, kiwari geus netepkeun tilu pasang calon Bupati/Wakil Bupati Kuningan periode 2008/2013. Malah, eta tilu pasang calon bupati/wakil bupati teh geus boga nomer urut sewang-sewangan deuih.
Nu jelas mah kari nunggu prungna ngalaksanakeun pemilihan Bupati/Wakil Bupati Kuningan nu baris lumangsung 12 Oktober 2008. Samemehna baris aya acara launching di lapang Pandapa Paramarta, sabudeureun Komplek Stadion Mashud Wisnu Saputra Poe Saptu (13/9). Saha wae calon Bupati/Wakil Bupati Kuningan teh ? Sebut wae pasangan nomer urut hiji nya eta pasangan Incumbent H. Aang Hamid Suganda, S.Sos., jeung Drs. H. Momon Rochmana, M.M., (A-Rochman) diajukeun ku lima partai politik nyaeta Partai Demokrasi Indonesia Perjuangan (PDIP), Partai Golongan Karya (Golkar), Partai Persatuan Pembangunan (PPP), Partai Amanat Nasional (PAN) jeung Partai Bulan Bintang (PBB). Ari pasangan nomer urut dua nyaeta pasangan Drs. H. Aan Suharso, M.Si., jeung Iwan Sonjaya, S.Pd., (ASRI), diajukeun ku Partai Demokrat jeung Partai Keadilan Sejahtera (PKS). Pasangan nomer urut tilu nyaeta H. Nana Sujana, S.Sos., jeung H. Eman Sulaeman (SaE) minangka calon perseorangan (independent).. Nurutkeun Ketua KPUD Kabupaten Kuningan, Ahmad Dedi Mutiadi, eta calon independen, luyu jeung Undang-Undang No. 12 Tahun 2008, pasangan SaE didukung ku leuwih 3% (33,633) tina 1.121.087 jumlah penduduk Kabupaten Kuningan. Tina 65.266 berkas dukungan nu diverifikasi, ceuk Dedi, 34.449 (3,07%) ngadukung ka eta pasangan calon Bupati/Wakil Bupati Kuningan independen kasebut. Mucunghulna calon Bupati/Wakil Bupati Kuningan ti jalur perseorangan (independent), dina Pemilihan Bupati/Wakil Bupati Kuningan periode 2008/2013., ngondang sawatara tanggapan, samodel nu ditembrakeun ku salah saurang paniten pulitik di Kuningan, Sujarwo, mucunghulna calon independent teh mere nuansa anyar dina dinamika politik di Kabupaten Kuningan. Ceuk Sujarwo, mucunghulna calon independent nunjukeun mingkin dewasana pola pikir masarakat di bidang pulitik atawa di luareun pulitik, henteu kaleuleuwihi oge mucunghul asumsi yen tingkat kapercayaan masarakat ka partai politik mimiti ngalaman “degradasi’ atawa nyirorot. Salian ti eta oge, ceuk Sujarwo mah teu mustahil mucunghulna calon independent dina pilbup Kuningan, baris bisa ngurangan tingkat masarakat nu golput. Kusabab keur warga hak pilih nu tadina aya kacenderungan rek golput ngarasa aya wadah pikeun nyalurkeun aspirasina *
Sumber Tatar Kuningan
Ku : Agah
KIRA taun 1985-an nepika taun 1990-an,di lemburkuring Luragung, rek munggahan teh sok rame ku nu baralanja ka pasar. Kaasup kuringsok milu riweuh mun ema balanja ka pasar teh
Jenatna pun bapa,(mugi sing dicaangkeun alam kuburna), jadi sedih inget jaman baheula, sok nitahkuring sangkan ngabantuan mawa balanjaanema ti pasar.
Biasana ema teh sok meuli hayam jago (kampung), da keukeuh bapa mah tara nuang daging hayam nagri. Teu ngeunah cenah.daging hayam nagri mah. Eta daging hayam teh sok diopor keur sahurmunggaran, da geus liwat tilu poe mah biasa wae kadaharan keur sahur teh sok saayana.
Kuring mah kadaharan keur sahur teh sok ngahaja meuli goreng kentang, goreng dage haneut, ngadadak jam dua samemeh mangsana sahur da di lembur loba nu dagang gorengan keur sahur tea.
Ari ema balanja ka pasar teh sok sakalian meuli lauk asin sepat, tawes, teri, cumi-cumi, sakapeung sok meuli gakser (apal gakser?) sabulaneun. Ari buka puasa kudu oge aya lauk nu arasin, jeung kudu aya coel sambel.
Saya Sholat lima waktu tapi … Ingat pada Allah hanya lima waktu itu saja Dan pada masa lainnya saya lupa pada-Nya Jika Sholat saya 10 menit , maka cuma 10 menit itu saja ingat pada-Nya Mungkin dalam 10 menit itu-pun saya masih ingat selain daripada-Nya.
Saya Sholat lima waktu tapi … Saya tidak bersyukur pada-Nya Padahal dulunya saya amat susah Allah yang memberi rezeki pada saya Dengan rezeki itu saya dapat membeli rumah Dengan rezeki itu saya dapat menampung keluarga Dengan rezeki itu saya dapat membeli kendaraan dan sebagainya Tapi … hati saya masih belum puas Saya masih tamak akan harta dunia dan masih menganggap serba kekurangan
Saya Sholat lima waktu tapi … Saya masih menggunakan perkataan yang tidak sopan kepada teman-teman Saya sering menyakiti hati mereka Saya sering menghina mereka Saya sering menghina keturunan dan bangsa mereka seolah-olah keturunan dan bangsa saya saja yang paling baik Padahal saya sendiri tidak tahu persis tempat saya di mahsyar nanti
Saya Sholat lima waktu tapi … Saya masih sombong dengan ilmu yang saya miliki Saya masih sombong dengan amal perbuatan yang telah saya perbuat Saya masih sombong dengan ibadah yang saya lakukan Saya masih sombong dan menganggap sayalah yang paling pandai Saya masih sombong dan merasa saya paling dekat dengan Allah SWT Dengan berbagai macam cara dan berbagai argumen saya debat mereka yang tidak sehaluan dengan saya dan saya hancurkan Rumah Ibadah mereka, saya aniaya dan saya siksa mereka dan keluarga mereka Padahal saya sendiri belum tahu, ridhokah Allah SWT dengan apa yang telah saya perbuat itu
Saya Sholat lima waktu tapi … Saya masih menggunakan ilmu hitam untuk menjatuhkan musuh musuhku Saya menggunakan uang bahkan harta serta pangkat dan kekuasaan untuk menjatuhkan manusia yang saya tidak suka
Saya Sholat lima waktu tapi … Saya amat bakhil dan kikir mengeluarkan uang untuk zakat dan sedekah kepada fakir miskin atau kepada anak yatim piatu karena saya takut hartaku habis dan jatuh miskin
Saya Sholat lima waktu tapi … Saya masih menyimpan sifat dengki dan khianat kepada teman-teman yang sukses dinaikkan pangkatnya atau dinaikan gajinya dan atau berhasil dalam usahanya, padahal mereka berusaha dan bekerja sungguh-sungguh dan saya hanya bekerja seperti hidup segan mati tak mau
Saya Sholat lima waktu tapi … Masih merungut dan mencaci-maki bila saya ditimpa musibah, walaupun sebenarnya saya tahu sesuatu musibah itu datangnya dari Allah, karena perbuatan dan perilaku saya sendiri Seharusnya saya sadar kepada siapakah saya mencaci-maki itu ?
Saya Sholat lima waktu tapi … Menuntut ilmu semata mata mempersiapkan diri untuk berdebat dengan orang lain atau untuk menduga keilmuan mereka dan sengaja mencari cari yang tidak sehaluan dengan saya, dan memaksa mereka mengikuti jejak langkah saya, padahal seharusnya saya sadar tujuan kita menuntut ilmu adalah supaya kita dapat berbuat amal sholeh dan beribadah dengan khusyuk dan tidak melakukan syirik kepada Allah (mempersekutukan Allah SWT dengan yang lainnya)
Saya Sholat lima waktu tapi … Saya enggan melaksanakan serta kurang bahkan tidak faham dengan firman Allah SWT dalam Al Quran QS 29 (Al-Ankabut) : 45 yang artinya Bacalah apa yang telah diwahyukan kepadamu, yaitu Al Kitab (Al Quran) dan dirikanlah shalat. Sesungguhnya shalat itu mencegah dari (perbuatan-perbuatan) keji dan mungkar. Dan sesungguhnya mengingat Allah (shalat) adalah lebih besar (keutamaannya dari ibadat-ibadat yang lain). Dan Allah mengetahui apa yang kamu kerjakan.
Saya Sholat lima waktu tapi … Saya tidak faham dan tidak tahu dan tidak menjalankan dengan benar firman Allah dalam QS 107 (Al Maa´uun) yang artinya 1. Tahukah kamu (orang) yang mendustakan agama? 2. Itulah orang yang menghardik anak yatim 3. dan tidak menganjurkan memberi makan orang miskin 4. Maka kecelakaanlah bagi orang-orang yang shalat 5. (yaitu) orang-orang yang lalai dari shalatnya 6. orang-orang yang berbuat riya 7. dan enggan (menolong dengan) barang berguna
Allah SWT Maha Pengampun, dan semoga bermanfaat!
salam,
u syamsuha Sumber Tatar Kuningan
|